Lirik Lagu Garut Intan - Darso

Harita téh wanci pasosoré
Na mangsa poé nu halodo panjang
Ngalanglangan wétan kidul kota Bandung
Bras ka Kadungora Lélés ogé kaliwatan
Jog anjog ka kota Garut

Cikuray nangtawing Haruman ngadago
Guntur nambahan kapaur kuring harita
Pédah panggih jeung anu geulis di Cipanas pisan
Pada pada ngeueumkeun rasa
Maling toél ocon panon
Kuring téh kataji pisan

Anjeun lir inten gumilang
Luyu jeung landian kotana
Garut kota intan pangirutan

Manis lir sigah dodolna
Kareueut ninggal imutna
Sok sanajan tebih
Kuring mah manteng mihéman

Harita téh wanci pasosoré
Na mangsa poé nu halodo panjang
Ngalanglangan wétan kidul kota Bandung
Bras ka Kadungora Lélés ogé kaliwatan
Jog anjog ka kota Garut

Cikuray nangtawing Haruman ngadago
Guntur nambahan kapaur kuring harita
Pédah panggih jeung anu geulis di Cipanas pisan

Pada pada ngeueumkeun rasa
Maling toel ocon panon
Kuring téh kataji pisan

Anjeun lir inten gumilang
Luyu jeung landian kotana
Garut kota intan pangirutan

Manis lir sigah dodolna
Kareueut ninggal imutna
Sok sanajan tebih
Kuring mah manteng mihéman
Anjeun lir inten gumilang

Luyu jeung landian kotana
Garut kota intan pangirutan
Manis lir sigah dodolna

Kareueut ninggal imutna
Sok sanajan tebih
Kuring mah manteng mihéman
=========================

Related : Lirik Lagu Garut Intan - Darso

0 Komentar untuk "Lirik Lagu Garut Intan - Darso"