Lirik Lagu Tilam Sono - Neneng Fitri

Ieu lagu tilam sono
nyanggakeun ka nu ngadangu
ieu lagu tilam sono
nyanggakeun ka nu ngadangu

Abong kena tangkal kina
suluhna di kaparakeun
Abong kena abdi hina
Sok mindeng disapirakeun

Salempang abdi salempang
Salempang inggis teu tepang

Ieu lagu tilam sono
nyanggakeun ka nu ngadangu
ieu lagu tilam sono
nyanggakeun ka nu ngadangu

Soloyong Kapal udara
Seubeuh dibuntang bantingkeun
Sok abong kanu sangsara
Seubeuh dipulang antingkeun

Ieu lagu tilam sono
nyanggakeun ka nu ngadangu
ieu lagu tilam sono
nyanggakeun ka nu ngadangu

Panitih matana opat
Nu hiji matana inten
Bilih aya anu lepat
Mugi kersa ngahapunten

Hapunten abdi hapunten
Bilih aya kalepatan
==========================

Related : Lirik Lagu Tilam Sono - Neneng Fitri

0 Komentar untuk "Lirik Lagu Tilam Sono - Neneng Fitri"