Lirik Lagu Campaka - Iing Kurnia

Campaka…sisi walungan
Geus lawas heunteu kembangan
Seungitna ngadadak leungit
Daunna nungtut nguguran

Campaka sisi walungan
Daun na beut ngarangrangan
Regangna nurampung maruragan
Katebak hiliwir angin

Sanajan kembang ngarangrangan
Rek disiram ku geter asih kaheman
Tangkal campaka sirungan deui
Tangkal campaka kembangan deui

Campaka sisi walungan
Endah ligar karembangan
Campaka sisi walungan
Seungitna angin anginan

Campaka sisi walungan
Daun na beut ngarangrangan
Regangna nurampung maruragan
Katebak hiliwir angin

Sanajan kembang ngarangrangan
Rek disiram ku geter asih kaheman
Tangkal campaka sirungan deui
Tangkal campaka kembangan deui

Campaka sisi walungan
Endah ligar karembangan
Campaka sisi walungan
Seungitna angin anginan
=========================

Related : Lirik Lagu Campaka - Iing Kurnia

0 Komentar untuk "Lirik Lagu Campaka - Iing Kurnia"