Lirik Pupuh Asmarandana

Aya nu lumpuh musapir
Bari sila sisi jalan
Kadupak ku anu lolong
Anu eukeur balangsiang
Neangan sandang pangan
Anu lolong gebut labuh
Nu kadupak katindihan

Duanana pada nyeri
Anu kadupak nyarekan
Nu ngadupak bari bengong
Sasadu menta hampura
Lantaran teu awas
Akhirna pada sasadu
Pedah pada henteu terang

Akhirna jadi ngahiji
Sosobatan dalit pisan
Ki lumpuh sadrah diakod
Ku ki lolong anu bedas
Tatapi henteu awas
Ku pitulungna ki lumpuh
Bisa ngidur kamamana
********************************

Related : Lirik Pupuh Asmarandana

0 Komentar untuk "Lirik Pupuh Asmarandana"