Lirik Lagu Mega Hideung ( Yayan Jatnika ) - Nanih

Tuh itu layung siga pundung
Ningal urang nu teu satujuan
Naha anjeun bisa robah anu geus pasini
Da bongan anjeun nu menta
Kuring nganteur kahayangna
Anjeun hayang pepegatan

Tuh itu mega ngahalangan
Langit anu rek ngagebray caang
Naha ku teu sangka
Ahirna geuning bet kieu
Kacinta urang duaan
Aya nu ngahihileudan
Gogoda eta ka urang

Mega hideung ngalangkangan
Langit ceudeum tanda arek hujan datang

Naha naon anu rek diteang
Kanyaah kacinta keur urang
Meureun kuring henteu ngalayah ku harta
Ukur banda cinta modal anu boga jang salira

Teu ngarti na jero pikirna
Yen harta bisa mawa bagja
Loba anu pisah lain kurang harta
Silih kanyahokeun dibutuhkeun cinta

Lain ukur harta
Anjeun beda pilihana
Nu diteang geuning harta
===========================

Related : Lirik Lagu Mega Hideung ( Yayan Jatnika ) - Nanih

0 Komentar untuk "Lirik Lagu Mega Hideung ( Yayan Jatnika ) - Nanih"