Lirik Lagu Purnama - Abiel Jatnika

Waktos duaan
Nyawang bulan nu purnama
Aya nu beda di diri salira
Biwir ngageter teu wasa arek nyarita
Aya naon ti salira

Kuteu disangka
Ku teu dinyana
Anjeun wakca
Mere hiji putusan
Megatkeun asih
Mutuskeun cinta
Ku alesan kabengbat ku anu lian

Nyeri peurirh
Kaliwat saking
Neundeun tineung
Naha kudu dipiceu
Kirang kumaha
Kedah kumaha
Rasa cinta teu kendat kanggo salira

Tega jungjunan gening ku tega
Mikeun asih ragrag treusna kanu lian
Sugan tea tangkal cinta rek kembangan
Gening layu nogencang ilang harepan.

Nitip asih nu masih numait
Nitip rasa nu anteng na jero dada
Najan nyeri keur abdi sorangan
Nyeuri peurih diingkeun kuring sorangan
===============================

Related : Lirik Lagu Purnama - Abiel Jatnika

0 Komentar untuk "Lirik Lagu Purnama - Abiel Jatnika"