Lirik Lagu Tepung Salangkung - Fany Sabila

waktos ngawitan patepang lebah pengkolan
na sorot soca aya teuteup rada manjang
ngabelengeh anjeun imut
mani lucu matak kairut
nembus rasa jajantung ratug dag dig dug

teu loba catur ngaleos terus ngalengkah
sanajan hate ngarasa beurat tur wegah
da kahayang mah bisa ngobrol rada lila
rek nyarita kahalang ku rasa era

sok sanajan patepung ukur salangkung
aya teuteup meungkeut geugeut
duuh..... kadeudeuh_maneuh
moal enya salira sami micinta

da katawis na sorot soca
poe isuk rek ulin deui kadinya
susuganan aya bagja
tepang deui jeung anjeunna

teu loba catur ngaleos terus ngalengkah
sanajan hate ngarasa beurat tur wegah
da kahayang mah bisa ngobrol rada lila
rek nyarita kahalang ku rasa era

sok sanajan patepung ukur salangkung
aya teuteup meungkeut geugeut
duuh... kadeudeuh_maneuh
moal enya salira sami micinta

da katawis na sorot soca
poe isuk rek ulin deui ka dinya
susuganan aya bagja
tepang deui jeung anjeunna
=================================

Related : Lirik Lagu Tepung Salangkung - Fany Sabila

0 Komentar untuk "Lirik Lagu Tepung Salangkung - Fany Sabila"