Dua Rasa - Rafly Sunandar

Ibarat dahan nu potong
hese keur nyambungna deui
anjeun nu ngarahetan hate
ninggalkeun tapak kaperih
tapak kaperih

geuning anjeun datang deui
mawa asih nu tos bari
Anjeun ucap sarebu hampura
bari murubut cisoca
kuring teu bisa nyarita

da kapeurih masih karasa peurih
oge kacinta ka salira masih aya
kuring kasiksa
ku dua rasa nu beda
kudu kumaha
kudu kumaha

di sambung deui
da puguh nyeuri
di lepas peugat
da puguh berat

da kapeurih masih karasa peurih
oge kacinta ka salira masih aya
kuring kasiksa
ku dua rasa nu beda
kudu kumaha
kudu kumaha

di sambung deui
da puguh nyeuri
di lepas peugat
da puguh berat

duh kuring kasiksa
kitu kumaha
kieu kumaha

lalakon cinta nu karandapan
naha bet rudet kana pikiran
duh
kuring kasiksa
kudu kumaha
kudu kumaha
duh kuring kasiksa
kitu kumaha
kieu kumaha

lalakon cinta nu karandapan
naha bet rudet kana pikiran
duh
kuring kasiksa
kudu kumaha
kudu kumaha
=========================

Related : Dua Rasa - Rafly Sunandar

0 Komentar untuk "Dua Rasa - Rafly Sunandar"