Lirik Lagu Karang Hawu - Fanny Sabila & Maliq Ibrahim


Di basisir laut Palabuan Ratu
Di palebah batu ngampar Karang Hawu
Bari nyawang ka tengah lautan
Haté pinuh pangharepan

Disarengan ku bébéndé di gigireun
Réma panangan silih cepeng, silih ranggeum
Hiliwir angin dalingding katresna
Mapaésan cinta urang

Patutur—tutur ombak nu silih surungkeun
Ting jelegur nembrak kana Karang Hawu

Kadedeuh, kanyaah cinta nu urang
Kukuh pengkuh di Karang Hawu

Tempat wisata Palabuan Ratu
Ceuk dongeng, ceunah ceuk béja
Kantos sumping Ibu Ratu

Di Karang Hawu, tempat anu éndah
Nya di dinya pisan
Maheutkeun jangji pasini

Di Karang Hawu, Palabuan Ratu
Aya carita urang duaan
Tepikeuneun ka turunan

Disarengan ku bébéndé di gigireun
Réma panangan silih cepeng, silih ranggeum
Hiliwir angin dalingding katresna
Mapaésan cinta urang

Patutur—tutur ombak nu silih surungkeun
Ting jelegur nembrak kana Karang Hawu

Kadedeuh, kanyaah cinta nu urang
Kukuh pengkuh di Karang Hawu

Tempat wisata Palabuan Ratu
Ceuk dongeng, ceunah ceuk béja
Kantos sumping Ibu Ratu

Di Karang Hawu, tempat anu éndah
Nya di dinya pisan
Maheutkeun jangji pasini

Di Karang Hawu, Palabuan Ratu
Aya carita urang duaan
Tepikeuneun ka turunan
=================================

0 Response to "Lirik Lagu Karang Hawu - Fanny Sabila & Maliq Ibrahim"

Posting Komentar