Lirik Lagu Rasa Panutan - Doel Sumbang


Wanoja nu panggih harita
duka saha duka urang mana
Adu teuteup ukur saliwatan
Tapi matri na ati ka papanjangan

Kabayang banyang kudu kama neang
Ka impi impi kudu kamana milari
rumasa gandrung kapidangdung
ngalanglayung teu sidikna gering nangtung

Ukur bisa nga du'a neda kanu kawasa
mugi aya ridona pendak deui jeng manehna
Cunduk waktu ninggang mangsa
bagja di ijabah du'a tepung jeng panutan rasa di tasikmalaya

Diwahana alam parung tasikmalaya
Jadi wanoh ngawalan carita cinta
Diwahana alam parung tasikmalaya
Deukeut raket geugeut dugin ka ayena
==============================

0 Response to "Lirik Lagu Rasa Panutan - Doel Sumbang"

Posting Komentar