Lirik Lagu Ukur Titipan - Fanny Sabila


Ka sadaya nu ngadangu ieu lagu
Mugi ulah janten bendu
Anggur mah urang lenyepan
Rumpakana ieu lagu
Juragan, urang lenyepan

Sagala nu kapimilik nu jadi akuan urang
Éta téh ukur titipan
Kageulisan, kakasépan
Kapinteran, kaluwesan
Ukur titipan

Kabeungharan, kapangkatan
Juragan, ulah dianggo adigung
Kanu alit nyapirakeun
Kanu kéré ngalélécé
Juragan, éta teu saé

Pan urang gubrag ka dunya
Teu salambar-lambar acan
Benang nu nyampai na badan
Bisa beunghar, dibeungharkeun
Boga pangkat, dipangkatkeun
Ku nu Kagungan

Cing émut ka purwadaksi
Tong hilap ka purwadaksi
Urang téh asal ti mana?
Rék mulang, mulang ka mana?
Mulang ka mana?

Cing émut ka purwadaksi
Tong hilap ka purwadaksi
Kabeungharan, kapangkatan
Éta téh ukur titipan
Ukur titipan

Ka sadaya nu ngadangu ieu lagu
Mugi ulah janten bendu
Anggur mah urang lenyepan
Rumpakana ieu lagu
Juragan, urang lenyepan

Sagala nu kapimilik nu jadi akuan urang
Éta téh ukur titipan
Kageulisan, kakasépan
Kapinteran, kaluwesan
Ukur titipan

Kabeungharan, kapangkatan
Juragan, ulah dianggo adigung
Kanu alit nyapirakeun
Kanu kéré ngalélécé
Juragan, éta teu saé

Pan urang gubrag ka dunya
Teu salambar-lambar acan
Benang nu nyampai na badan
Bisa beunghar, dibeungharkeun
Boga pangkat, dipangkatkeun
Ku nu Kagungan

Cing émut ka purwadaksi
Tong hilap ka purwadaksi
Urang téh asal ti mana?
Rék mulang, mulang ka mana?
Mulang ka mana?

Cing émut ka purwadaksi
Tong hilap ka purwadaksi
Kabeungharan, kapangkatan
Éta téh ukur titipan
Ukur titipan
====================================

0 Response to "Lirik Lagu Ukur Titipan - Fanny Sabila"

Posting Komentar